671 – Kaésar Tenji ti Jepang ngenalkeun jam cai (clepsydra) nu nelah ku Rokoku. Alat nu bisa ngitung wanci jeung jam, ditempatkeun di Ibu Kota Otsu.
1190 – Frederick I Barbarossa tilelep di Leuwi Saleph (kiwari Turki) nalika mingpin pasukanna ka Yerusalem.
1574 - Raja Phillip II ti Spanyol méré gelar Insigne y Siempre Leal Ciudad ("Kota nu Penting jeung Salawasna Satia") ka Manila, Filipina; saterusna mah dipiéling minangka poé jadi éta kota.
1752 – Benjamin Franklin nguji coba konduktor petir ku cara ngapungkeun langlayangan.
1786 - Bendungan nu kabentuk di Walungan Dadu balukar lini marcapada 10 poé saméméhna runtuh sarta 100.000 urang palastra di Sichuan, Cina.
1886 - Ludwig II ti Bayern dinyana teu waras ku psikiater sahingga teu mampu maréntah.
1934 - Itali ngajawaraan Piala Dunia FIFA 1934 sanggeus ngéléhkeun Cékoslovakia 2-1 (papanjangan waktu).
1943 - Pulpén dipaténkeun. Pulpén diciptakeun ku saurang jurnalis Hongaria, Laszlo Biro, Argéntina taun 1938. Manéhna jeung dulurna, Géorge, nyieun modifikasi tungtung pén maké bandul leutik nu bisa muter dina liang.
1947 - Pajangjian sosobatan Républik Indonésia - Mesir ditandatangan di Kairo. Indonésia diwakilan Mentri Luar Negri Agus Salim, Mesir diwakilan Pardana Mentri/Mentri Luar Negri Nokrashi Pasha.
1967 - Perang Genep Poé lekasan. Uni Soviét meunggas gawébareng diplomatik jeung Israél.
1968 - Kabinet Pangwangunan I dilantik minangka kabinét munggaran mangsa Ordeu Anyar di Indonésia.