1393 – Raja Charles VI ti Perancis méhméhan nemasing pati nalika sababaraha kostum tukang ngibing kaduruk dina hiji hajatan masquerade.
1624 – Sir Thomas Warner ngadegkeun koloni Inggris munggaran di Kapuloan Karibia, di Pulo Saint Kitts.
1671 – Kota asli Panama (diadegkeun taun 1519) ancur nalika palaut Henry Morgan nyerang jeung ngaduruk kota éta. Kiwari ruruntuhanna masih kénéh katara.
1724 – Akademi Kailmuan Rusia diadegkeun ku Peter Agung di St. Petersburg. Nelah ku Akademi St. Petersburg semet ka taun 1917. 1754 – Sir Horace Walpole ngajieun kecap serendipity dina hiji surat ka babaturanna.
1813 – Novel Jane Austen Pride and Prejudice munggaran medal di Inggris.
1846 – Patempuran Aliwal di India, antara pasukan Sikh jeung pasukan Inggris dina pingpinan Sir Harry Smith, dimeunangkeun ku pasukan Inggris.
1855 – Hiji karéta api mimiti maju dina Rél Karéta Terusan Panama ti Samudera Atllantik nepi ka Samudera Pasifik.
1871 – Perang Perancis-Prusia: Pangepungan Paris réngse ku éléhna Perancis sarta hiji pasini daméy.
1896 – Walter Arnold ti Peckham Wétan, Kent, jadi jalma munggaran nu didakwa ku kekebutan. Manéhna didenda sa-shilling alatan jalan dina kacepetan 8 mpj (13 km/jam), ngaleuwihan batas maksimal harita, 2 mpj (3,2 km/jam).
1909 – Pasukan Amérika Sarikat ninggalkeun Kuba kajaba Markas Angkatan Laut Basisir Guantanamo. sabada nyicingan ti saprak Perang Amérika-Spanyol.
1918 – Perang Sodara Finlandia: Pamungpang Red Guard ngawasa puseur nagri Helsinki; para anggota Sénat Finlandia nyarumput sahandapeun lemah.
1933 – Ngaran Pakistan diwanohkeun ku Khudri Rahmat Ali Khan sarta ditarima ku kaum Muslim India nu ku kahareupna dipake nalika Pagerakan Pakistan ngudag kamerdékaan.
1935 – Islandia jadi nagara munggaran nu ngameunangkeun terapi aborsi.
1938 – Rékor kacepetan di darat di dunia dipecahkeun ku Rudolf Caracciola nu nunggang Mercedes-Benz W195 dina kacepetan 432,7 kilométer per jam (268.9 mpj).
1945 – Perang Dunia II: Bebekelan mimiti narepi ka Républik China ku anyar dibukana Jalan Burma.
1958 – Pausahaan Légo maténtkeun bata Légo-na, nu masih kénéh sawawa jeung bata Légo nu dijieun kiwari.
1964 – Pasawat Air Force T-39 Sabreliner AS nu teu mawa sanjata dina hiji misi latihan, ditémbak murag saluhureun Erfurt, Jérman Wétan ku pasawat MIG-19 Soviét,
1980 – Kapal USCGC Blackthorn tabrakan jeung tangkér Capricorn nalika miang ti Tampa, Florida sarta tuluy tibalik, nelasan 23 anggota Panjaga Pantéy.
1981 – Ronald Reagan nyabut aturan ngeunaan pangbagian jeung harga minyak di Amérika Sarikat pikeun ngaréngsékeun krisis énergi 1979 sarta ku kituna ngakibatkeun turunna harga minyak di taun 80-an,
1982 – Jéndral Angkatan Darat AS, James L. Dozier disalametkeun ku pasukan anti-téror Italia tina panahanan ku Brigade Beureum.
1984 – Badéy Tropis Domoina narajang Mozambik, antukna ngakibatkeun korban 214 maot sarta sababara banjir pangtohagana nu kungsi kacatetkeun di wilayah éta.
1985 – Grup Super USA for Africa (United Support of Artists for Africa) nyieun rékaman singel We Are the World, pikeun ngabantu nyiar waragad keur nguntupan kalaparan di Éthiopia.
1986 – Pasawat Antariksa Challenger ngajelegur saharita sabada ngapung, nelasan sakabéh tujuh astronot di sajeroeunna.
2002 – Pasawat TAME 120, Boeing 727-100 murag di Pagunungan Andés di kiduleun Kolombia, korban maot 92 jalma.
2006 – Hateup salah sahiji wangunan di Pasar Murah Internasional Katowice di Polandia, rubuh ku alatan beuratna salju saluhureunna, nelasan 65 urang sarta nyideraan 170 séjénna.
Nu babar
1841 – Henry Morton Stanley, jurnalis jeung pangjalajah Amérika-Wales (td. 1904)
1884 – Auguste Piccard, fisikawan jeung pangjalajah Swiss (td. 1962)