1821 – Ékspédisi Antartika Rusia nu dipingpin ku Fabian Gottlieb von Bellingshausen mulang ka Kronshtadt sabada jadi rombongan munggaran nu hasil ngurilingan Antartika.
1873 – Perang Indian: nalika keur ngajaga rombongan survéy jalan rél di Montana, Kavaleri ka-7 AS nu dipingpin ku Létkol George Armstrong Custer, patelak munggaran jeung Suku Sioux di deukeut Leuwi Tongue, masing-masing pihak kaleungitan hiji nyawa.
1949 - Kabinét Hatta I nu nganjrek di Yogyakarta lekasan mancén sarta diganti ku Kabinét Hatta II.
1983 - Kudéta nu dipilampah ku Blaise Compaoré ngabalukarkeun Thomas Sankara jadi Présidén Volta Hulu.
1995 – Operaesi Badéy dimimitian di Kroasia, tentara Kroasia nyerang wailaya nu dikawasa ku Républik Sérbia Krajina dna hiji patempuran darat pangtohagana ti saprak Perang Dunia II.
2011 - Kaulinan Cut the Rope: Experiments dirilis.
2020 – Hiji beledugan tohaga nu diangkeuh asalna tina gudang kembang api jeung paneundeunan amonium nitrat kajadian di palabuan Kota Béirut, Libanon. Saheunteuna 135 urang palastra sarta leuwih ti 5.000 urang tatu.
Nu babar
1821 – Louis Vuitton, pangusaha pakéan Perancis (td. 1892)