Bawang daun
Bawang daun | |
---|---|
![]() | |
Allium fistulosum pada suatu pertanian | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | |
Kelas: | Liliopsida
|
Ordo: | Asparagales
|
Kulawarga: | Alliaceae
|
Spésiés: | Allium fistulosum
|
Sinonim[1][2] | |
|
![](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/9/93/Allium_fistulosum_Ypey26.jpg/220px-Allium_fistulosum_Ypey26.jpg)
Bawang daun (Allium fistulosum L.) nyaéta salah sahiji tutuwuhan tina kulawarga Liliaceae.[3] Bawang daun mangrupa tutuwuhan sataun wangun jukut.[4] Disebut bawang daun sabab nu dikonsumsi ngan daunnan atawa bagian daun nu ngora kénéh.[4] Pangkal daunna wangun batang semu nu sifatna ngarumpun.[4] Batangna pendek jeung wangun cakram.[4] dina cakram éta bijil sirung daun jeung akar serabut.[4] Struktur kembangna sarua jeung bawang beureum.[4] Warna kembangna bodas.[4] Siki nu ngora kénéh warnana bodas, sanggeus kolot jadi warna hideung.[4] Lamun garing, siki ngora bakal jadi tipung.[4] Sababaraha kultivar bawang daun hésé kembangan di Indonésia sarua ogé jeung bawang beureum. Pikeun bisa kembangan dibutuhkeun suhu handap antara 5-10C salila sabulan.[4] Bawang daun ngandung Vitamin C, loba vitamin A, jeung saeutik vitamin B.[4] Kandungan gizi Bawang daun leuwih alus ti batan bawang beureum.[4] Dina kahirupan sapopoé, bawang daun dipaké salaku bumbu masakeun, utamana masakan Cina. éta bawang daun bisa méré rasa nu ngeunah.[4]
Jenis bawang Daun
Bawang daun kaasup famili Liliacéae. Aya dua jenis bawang daun, nyaéta bawang bakung Allium fistulosum L.) jeung bawang prei (Allorum L.).[4] Bawang bakung atawa bawang semprong sok disebut sibol, sedengkeun bawang prei disebut leek. Bawang daun miboga sababaraha varietas.[4] Varietas nu populer nyaéta plumpung, nyonya jeung mambo.[4]
Dicutat tina
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |