Beulahan Marcapada

Beulahan Marcapada téh nyaéta sistim babagian wewengkon marcapada luyu jeung arah mata angin. Patali jeung géografi sarta kartografi beulahan marcapada téh babagian divisi globeu kana sawatara bagian luyu jeung pamahaman Yunani Kuna.

Babagian marcapada ku garis ékuator jeung méridian utama.

Babagian anu ilahar dipaké nyaéta dumasar kana longitud jeung latitud:

  • Kalér-Kidul
  • Kulon-Wétan
    • Lebahan wétan, satengah lebah wétan tina garis méridian utama sarta kuloneun meridian 180
    • Lebahan kulon, satengah lebah kulon tina garis méridian utama sarta wétaneun meridian 180

Aya ogé skéma lianna anu ngabagi marcapada sacara géografis, nyaéta:

  • Darat-Laut
    • Lebahan darat, babagian marcapada anu ngandung daratan pangreuteumna
    • Lebahan laut, babagian marcapada anu ngandung lautan pangeuyeubna

Tempo ogé

  • Dikotomi Wétan–Kulon