Goréng endog

Goréng endog

Goréng endog nyaéta kadaharan tina endog nu disiapkeun ku cara ngagoreng endog maké minyak goréng atawa mantéga panas dina katél.

Aya sababaraha cara midangkeun goreng endog di antarana:

  • Dahdar endog, ku cara ngocok endog tuluy digoreng. Bungbu keur dahdar endog nyaéta uyah, jeung lamun seneng bisa ditambahan goréng bawang, daun bawang jeung cabé/céngék
  • Ceplok endog, endog henteu dikocok heula tapi langsung diabrukkeun kana minyak panas dina katel, tuluy dipurulukan ku uyah. Variasi séjén tina ceplok endog nyaéta endog mata sapi