Kamasan

Ukiran abad ka-15 ngeunaan kamasan jeung jalma sucina Santa Eligius di tempat gawéna
Kamasan Bagdad ku Kamal-ol-molk

Kamasan nyaéta tukang nyieun pakakas jeung perhiasan tina emas sarta logam mulia liana. Dumasar kana sajarahna, kamasan ogé nyieun barang tina pérak, piring, gelas, pakakas hiasan, katut barang nu dipaké keur kariaan atawa ageman, tapi naékna harga logam mulia nyababkeun turunna jumlah barang nu dijieun.

Kamasan kudu parigel dina ngawangun logam ku cara ngikir, matri, ngaragaji, neupa, nyitak, jeung ngagosok logam. Sacara tradisional, ieu kaparigelan bisa beunang ku cara magang, tapi kiwari mah sakola seni perhiasan ogé ngajarkeun kamasan jeung katerampilan lianna. Loba universitas katut akademi nu nawarkeun cara ngamasan jeung nyieun seni logam minangka bagéan tina kurikulum senina.

Kamasan nu kacatet ku sajarah

  • Jocelyn Burton
  • Paul de Lamerie
  • Paul Storr
  • Lorenzo Ghiberti
  • Benvenuto Cellini
  • Johannes Gutenberg
  • House of Fabergé
  • Jean-Valentin Morel
  • Adrien Vachette

Kamasan kontémporér

  • Lois Etherington Betteridge
  • Andrea Cagnetti - Akelo
  • William Claude Harper
  • Mary Lee Hu
  • Linda MacNeil
  • Mazlo
  • John Paul Miller (1918-2013)
  • Gary Lee Noffke

Tempo ogé

  • Masarakat Kamasan Amérika Kalér

Rujukan

Tumbu kaluar