Kereta Api Indonesia

Logo PT KAI

PT Kereta Api Indonésia (Persero) atawa PT KAI (baheula DKARI, PNKA, PJKA, Perumka, PT KA) nyaéta Badan Usaha Milik Nagara anu ngaoperasikeun karéta api di Indonésia.[1] PT KAI dibagi jadi sababaraha Daop (di pulo Jawa) jeung Divre (di pulo Sumatera).[1] PT KCJ (Kereta Commuter Jabodetabek) misahkeun diri tina PT KAI ti taun 2008 sarta jadi anak PT KAI.[1]

Layanan

Karéta api panumpang

PT KAI ngaoperasikeun layanan karéta api panumpang nu dibagi jadi sababaraha kelas, nyaéta:[2]

  • Karéta api éksekutip
    • Karéta api éksekutip argo, karéta kelas pangluhurna.
    • Karéta api éksekutip satwa, saperti argo, tapi lain kelas argo.
  • Karéta api bisnis
  • Karéta api ékonomi
    • Karéta api ékonomi PSO
    • Karéta api ékonomi non-PSO
  • Karéta api campuran
    • Campuran éksekutip-bisnis
    • Campuran éksekutip-ékonomi
    • Campuran éksekutip-bisnis-ékonomi
  • Karéta api lokal
  • Karéta api komuter
  • Karéta api Bandara

Karéta api barang

PT KAI ogé ngaoperasikeun sababaraha karéta barang, saperti Antaboga, Angkutan semén, Batu bara rangkéan panjang (babaranjang), Batu bara rangkéan péndék (babarandek), sarta One Night Service (ONS).[2]

Daptar Daop jeung Divre

Daérah Operasi (Daop)

Divisi Regional (Divre)

  • Divisi Regional I Acéh jeung Sumatera Kalér
  • Divisi Regional II Sumatera Kulon
  • Divisi Regional III Sumatera Kidul jeung Lampung[1]

Rujukan

  1. a b c d e Situs resmi PT Kereta Api Indonesia Archived 2016-12-07 di Wayback Machine (id) diakses tanggal 31 Januari 2016
  2. a b Berita Satu:Hanya tingkatkan pelayanan bisnis, PT KAI tumbuh 24 persen[tumbu nonaktif] (id) diakses tanggal 31 Januari 2016

Tumbu kaluar

(id)Situs resmi PT Kereta Api Indonesia Archived 2015-11-25 di Wayback Machine