Masjid Agung Garut
![](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/b/b0/Mesjid_Agung_Garut.jpg/250px-Mesjid_Agung_Garut.jpg)
Masjid agung Garut perenahna aya di Jl. Ahamd Yani Garut kuloneun Alun-alun Garut.[1] Nempatan lahan nu legana 4.480 m2.[2] Ieu masjid jadi masjid utama di kabupatén Garut sarta puseur sagala kagiatan kaagamaan.[2] Baheula antara masjid jeung alun-alun téh dipisahkeun ku jalan Alun-alun Barat.[1] Kiwari ieu jalan dileungitkeun nepi ka masjid téh ngahiji jeung alun-alun.[1]
Sajarah
Pangwangunan masjid agung Garut raket patalina jeung pangwangunan kabupatén Garut.[2] Numutkeun catetan sajarah, dina tanggal 15 Séptémber 1813 mimiti diwangun sarana jeung prasarana ibukota nyaéta pendopo, kantor asistén résidén, masjid, pangbérokan, jeung alun-alun.[2] Tapi upama nilik kana nisan kuburan nu aya di gigireun masjid agung, bisa waé ieu masjid téh diwangun dina taun 1809 atawa taun saméméhna.[2] Lantaran di dinya kapanggih angka taun 1809.[2] Aya tradisi mangsa harita yén nu ngaranna kuburan pasti dijieun deukeut jeung masjid atawa sabudeureun buruan masjid saperti masjid-masjid di Jawa kayaning masjid agung di Demak jeung Banten.[2]
Taun 1875 suhunan masjid agung Garut wangunna nyungcung, ampir sarua jeung masjid-masjid di Priangan sapanjang Groote Postweg.[1]
![](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/8/82/Mesjid_Agung_Garut_bagian_dalam.jpg/230px-Mesjid_Agung_Garut_bagian_dalam.jpg)
Bédana téh aya dina proporsi suhunanana nu katingali leuwih gedé tur jangkung.[1] Sasaruanana bisa dititénan tina tihang-tihang nu aya di hareupeun masjid sarta di beulah kénca katuhuen masjid.[1]
Numutkeun catetan di sekretariat DKM Masjid Agung, parobahan signifikan ieu masjid aya dina taun 1979 di mana suhunan nu tadina nyungcung diganti ku kubah maké plat beton.[2] Wangun kubah ieu dirobah deui dina taun 1981 jadi wangun kopéah kalawan hateup séng gelombang.[2] Pamungkas, ieu masjid direnovasi sacara gembleng tanggal 10 November 1994 tur anggeus tanggal 25 Agustus taun 1998.[2] Dina renovasi nu pamungkas ieu ogé sakalian bari ngarobah arah kiblat nu dibantuan ku ahli géodési ti ITB ngagunakeun GPS (Global Positioning System).[2]
Referensi
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |