Soang

Soang
Soang Bodas jeung anakna
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Aves
Ordo:
Anseriformes
Kulawarga:
Anatidae
Subfamili:
Anserinae
Génus:
Cygnus
Genera/Spésiés

Cygnus Bechstein 1803

Cygnus cygnus
Cygnus buccinator
Cygnus columbianus
Cygnus bewickii
Cygnus atratus
Cygnus atratus sumnerensis
Cygnus melancoryphus
Cygnus olor
Cygnus sumnerensis

Coscoroba Reichenbach 1853

Coscoroba coscoroba

Soang téh unggas cai gedé ti kulawarga Anatidae, nu ogé ngawengku soang jeung meri. Soang dikelompokkeun kana golongan sosoangan dina subfamily Anserinae.[1]

Rupa-rupa Soang

Soang Cina

Soang Cina nyaéta soang-soang nu asalna ti Cina Daratan. Hampir sakabéh soang nu aya di Indonésia mangrupa rupa soang Cina. Soang Cina resep cicing dijukut. Soang Cina ogé bakal gedé kalawan gancang. Dagingna leuwih poék sarta lemakna saeutik ti batan soang séjén. Ngan hanjakalna Soang ieu teu tahan ka panyakit batan soang séjén.[2]

Soang Aprika

Soang nu mirip Soang Cina bédana awakna leuwih gedé ti batan Soang Cina. Dagingna leuwih ngeunah ti batan Soang Cina.

Soang Embden

Soang Emden warnana bodas mulus. Anak Soang beuratna bisa nepi 6 kg dina waktu 10 minggu.[2]

Soang Tolouse

Disebut-sebut salaku soang nu awakna pangbadagna kalawan ciri-cirina boga bulu tonggong warna gurat bodas sarta dadana warna bodas.[2]

Rujukan

  • Swan, Wikipédia édisi basa Inggris (4 Juli 2006)
  1. Gul, Sema. 2007. Hewan Peliharaan. Jakarta: Yudhistira
  2. a b c Santa, M.P. 2005. Seri Life Skill: Beternak Angsa. Jakarta: Musi Perkasa Utama

Tumbu kaluar