Sunda Wiwitan
Agama Sunda Wiwitan nyaéta agama nu dipercaya ku masarakat Kanékés atawa Baduy. [1]Ageman ieu biasa disebut ogé agama Jatisunda dina Carita Parahyangan. Asal kecapna tina wiwitan, anu mibanda harti mimiti, asal, poko. Aci-acining ajaran agamana mah teu pati réa nu apal, jeung tacan aya panalungtikanana. Ieu hal téh dibalukarkeun ku ayana sikep nu nutup diri ti nu muhitna.
Sajarah
Sunda wiwitan ieu geus dipuhitku urang sunda, tisaméméh asupna ajaran Hindu jeung Budha. Anu maruhit kana Ageman sunda wiwitan téh sumebar di sakuliah Pasundan, timimit kampung nepi ka dayeuh. Anu caricing di dayeuh ilaharna geus ngawangun hiji wadah organisasi modérn, sedengkeun anu di pakampungan ngawangun hiji kumpulan adat dumasar kana kayakinana.
Seuhseuhanana mah kakawasaan nu pangluhungna téh aya di Sang Hyang Keresa (Nu Maha Kawasa) anu biasa disebut ogé Batara Tunggal (Nu Maha Tunggal), Batara Jagat (Nu Ngawasa Jagat), jeung Batara seda Niskala (Nu Goib).[2]
Dunya dina sawangan agama Sunda Wiwitan dibagi tilu, nyaéta Buana Nyungcung (Dunya Luhur), Buana Panca Tengah (padumukan manusa), jeung Buana Larang (naraka). Agama Sunda Wiwitan masih diagem nepi ka kiwari ku sawareh urang Sunda di sababaraha daérah, saperti di Kuningan, Lebak Banten, Sukabumi, jeung Kampung Naga, nu dianggap masih sékésélér deukeut urang Sunda. [1]
Kitab Suci
Dina Ageman Sunda wiwitan teu kakocap aya kitab suci, pirang-pirang ajaran hirup jeung kahadéan hirup kumbuh sapopoé diwangun dina adat jeung kabiasaan anu jadi ciri mandiri kabudayaan urang Sunda. Papatah jeung pépéling hirup anu aya ditulis kawas dina naskah wawacan/pantun, saperti anu ditunda di museum :
- Sanghyang Siksa Kandang (koropak 630)
- Sewakadarma (Koropak 632)
- Amanat Galunggung (koropak 632) jeung réa-réa deui.[2]
Cara ciri Manusa
Pituah Sunda Wiwitan dumasar kana dua prinsip tayalian cara-ciri manusa jeung cara-ciri bangsa, anu diwangun ku lima ciri kahirupan:
- Welas asih
- Undak usuk (anu sakuduna dina kulawarga)
- Tata krama (anu sakuduna dina laku lampah)
- Budi basa jeng budaya
- Wiwaha yudha naradha (dipikir saméméh dilakukeun)[2]
Rujukan
- Rosidi, Ajip.dkk. 2000. Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, Budaya (Termasuk Budaya Cirebon dan Betawi), Jakarta: Pustaka Jaya.
Dijutat tina
- ↑ a b Reception Through Selection-Modification: Antropologi Hukum Islam di Indonesia. p. 132. ISBN 9786024012779.
- ↑ a b c Tim, Buku (2018). Meyakini Menghargai: Ensiklopedia Agama-Agama. Jakarta: Expose. p. 122. ISBN 9786027829466. Diakses tanggal (disungsi – 1 Pébruari 2025).
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |