Surawung
Surawung | |
---|---|
![]() | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | Magnoliophyta
|
Kelas: | |
Ordo: | Lamiales
|
Kulawarga: | |
Génus: | Ocimum
|
Spésiés: | O. ×citriodorum
|
Ngaran binomial | |
Ocimum ×citriodorum Vis.
|
![](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/a/a7/Ocimum_tenuiflorum2.jpg/220px-Ocimum_tenuiflorum2.jpg)
Surawung; Lemon basil; Ocimum basilicum L. nyaéta sababangsaning tutuwuhan nu asalna tina kulawarga Lamiaceae sarta miboga bau has.[1] Biasana digunakeun keur lalab sarta mangrupa salasahiji bahan jeung bungbu keur nyieun pais.[1] Surawung asalna ti daérah Asia kalawan nyebar ka daérah tropis jeung sub tropis.[1] Surawung dina basa Indonésia disebut kemangi, urang Thailand nyebutna maenglak, dina basa Inggris disebut lemon basil.[2]
Mangpaat jeung kagunaan
Surawung mibanda rupa-rupa kagunaan jeung mangpaat, kayaning :
- Jadi pepelakan hias dina pot
- Lalab, ilaharna di sayagikeun dina masakan beuleum lauk atawa hayam
- Bahan tambahan dina salad, pasta, sop, ulukutek, jeung réa-réa deui
- Surawung ogé bisa dimangpaatkeun pikeun ngubaran batuk.[1]
Dicutat tina
- ↑ a b c d Andalusia,Sri Wahyuni,, Sofia (2013). Seri Tumbuhan Obat Berpotensi Hias. Jakarta: Elex Media Komputindo. p. 63. ISBN 9789790026131. Diakses tanggal 24 Januari 2020.
- ↑ Nia Kurniawati, Tim Redaksi Qanita, Nia (2010). Sehat & Cantik Alami Berkat: Khasiat Bumbu Dapur. Jakarta: qanita. p. 63. ISBN 9789790026131. Diakses tanggal 24 Januari 2020.
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |