19 Juli

1
2 3 4 5 6 7 8
9 10 11 12 13 14 15
16 17 18 19 20 21 22
23 24 25 26 27 28 29
30 31  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

19 Juli nyaéta poé ka-200 dina sataun (ka-201 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 165 poé.

Kajadian

  • 711 - Patempuran Syudzunah: Pasukan Muslim Umayyah dipingpin Tariq bin Ziyad ngéléhkeun Vasigothic nu dipingpin ku raja Roderic.
  • 1843 - Kapal uap SS Great Britain dipedalkeun, dirancang ku Isambard Kingdom Brunel, mangrupa kapal laut munggaran nu maké lambung wesi jeung pandorong skrup sarta pangbadagna di dunya wanci harita.
  • 1870 - Perancis ngedalkeun perang ka Prusia, sakaligus ngamimitian Perang Perancis-Prusia.
  • 1879 - Doc Holliday munggaran nelasan jalma sabada jalma éta némbakan salonna (kedéyna) di New Mexico.
  • 1940Perang Dunia II:Patempuran Cape Spada: Angkatan Laut Inggris patelak jeung Regia Marina (AL Italia); kapal pangjalajah Italia, Bartolomeo Colleoni tikelebuh bari mawa korban 121 jiwa.
  • 1943 - Perang Dunya II: Roma dibom pihak Sakutu pikeun munggaranna.
  • 1979 - Para pangbarontak Sandinista nurunkeun pamaréntahan Somoza di Nikaragua.
  • 2003 - Kasus Asaba: Diréktur utama PT Anéka Sakti Bakti (Asaba) Boedyharto Angsono jeung ajudanna, Sérsan Kapala Infantri Édy Siyep ditémbak ku 4 urang prajurit Marinir di Penjaringan, Jakarta Kalér.
  • 2019 - Kapal téngker Inggris, Stena Impero ditahan ku Garda Révolusioner Iran di Selat Hormuz.

Nu babar

Nu pupus

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar