2 Désémber

1 2
3 4 5 6 7 8 9
10 11 12 13 14 15 16
17 18 19 20 21 22 23
24 25 26 27 28 29 30
31  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

2 Désémber nyaéta poé ka-336 dina sataun (ka-337 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 29 poé.

Kajadian

  • 1409 - Universitas Leipzig dibuka.
  • 1804 - Napoleon Bonaparte ngamakutaan manéh minangka kaisar Perancis di katédral Notre Dame, Paris minangka nu munggaran dina kurun waktu 1.000 taun.
  • 1805 – Perang Koalisi Katilu: Patempuran Austerlitz: Pasukan Perancis dina pingpinan Napoleon Bonaparte ngéléhkeun pasukan gabungan Rusia – Austria sacara mutlak.
  • 1823 – Doktrin Monroe: Dina pesen Nagara Sarikat, Présidén AS James Monroe nyatakeun nétralitas Amérika dina pacéngkadan-pacéngkadan Éropa di mangsa hareup sarta ngingetan Éropa pikeun teu pipilueun kana urusan Amérika.
  • 1848 - Franz Josef I jadi kaisar Austria.
  • 1851 – Présidén Perancis Louis-Napoléon Bonaparte nyingkirkeun Républik Kadua.
  • 1852 – Louis-Napoléon Bonaparte jadi Kaésar Perancis nelah Napoleon III.
  • 1859 – Pamingpin milisi anti-pabudakan, John Brown, digantung alatan seranganna ka Harpers Ferry, Virginia Kulon.
  • 1908 – Puyi jadi Kaésar China dina umur dua taun.
  • 1915 - Albért Éinstéin mublikasikeun téorina ngeunaan rélativitas umum.
  • 1927 – Nuluykeun produkis modél Ford T nu geus 19 taun, Pausahaan Motor Ford ngébréhkeun Ford Modél A minangka hiji mobil anyar.
  • 1942Perang Dunia II: Nalika Proyék Manhattan, hiji tim nu diluluguan ku Enrico Fermi ngamimitian nyieun réaksi nuklir artifisial sinambungan nu munggaran.
  • 1943 – Perang Dunia II: Hiji pasawat Luftwaffe ngaboman palabuan Bari, Itali, ngalelepkeun sajumlah kargo jeung kapal pangangkut, kaasup Kapal Amérika SS John Harvey, nu mawa sasadiaan ti mangsa Perang Dunia I, gas mustar.
  • 1949 – Konvénsi pikeun Panekenan Jual Beli Jalma jeung Éksploitasi Prostitusi, diadopsi.
  • 1950 – Perang Koréa: Patempuran Leuwi Ch'ongch'on réngsé ku kameunangan mutlak pihak China, pasukan PBB kabéh diusir ti Koréa Kalér.
  • 1954 – Pasini Pertahanan Mutual Sino-Amérika antara Amérika Sarikat jeung Taiwan ditanda tangan di Washington.
  • 1971 - Uni Émirat Arab dibentuk.
  • 1975 – Perang Sipil Laos: Pathet Lao ngepung puseur nagri Vientiane, maksa turun tahtana Raja Sisavang Vatthana, sarta ngaproklamirkeun Républik Démokrasi Rakyat Laos.
  • 1980 – Perang Sivil Él Salvador: Opat misionaris Amérika diperkosa jeung ditelasan ku pasukan panémbak mati.
  • 1982 – Di Universitas Utah, Barney Clark jadi jalma munggaran nu nampa jantung buatan permanén.
  • 1988 - Bénazir Bhutto dilantik minangka pardana mentri di Pakistan ku kieuna mangka jadi pardana mentri awéwé munggaran di hiji nagara Islam.
  • 1991 - Vérsi munggaran QuickTime diluncurkeun.
  • 1993 – Raja obat Kolombia, Pablo Escobar, ditémbak mati di Medellín.
  • 2005 - Paluncuran Xbox 360 ti Microsoft di Éropa.
  • 2010 - Rusia kapilih jadi pribumi Piala Dunya FIFA 2018. Qatar kapilih jadi pribumi Piala Dunya FIFA 2022.
  • 2015 – Serangan San Bernardino: Syed Rizwan Farook jeung Tashfeen Malik maéhan 14 jalma jeung nyideraan 22 lianna di Pusat Régional Inland di San Bernardino, California.
  • 2016 - Aksi 212 mangrupa Aksi Béla Islam nu Ka-3 di Taun 2016 nika kiwari diayakeun di Monas Jakarta.
  • 2016 – Tilu puluh genep jelema maraot dina kahuruan di gedong Oakland, California, nu dialihfungsikeun, gudang nu dijadikeun tempat koléksi barang seni.

Nu babar

  • 1944 – Ibrahim Rugova, présidén kahiji Kosovo (td. 2006)
  • 1946 – Gianni Versace, juru rancang fésyen Itali (td. 1997)
  • 1960 – Rick Savage, pamaén bass Deff Leppard
  • 1968 – Lucy Liu, artis Amérika
  • 1971 – Francesco Toldo, kiper Itali
  • 1973 – Monica Seles, pamaén ténes Amérika kalahiran Sérbia
  • 1973 – Jan Ullrich, atlét balap sapédah Jérman
  • 1978 – Nelly Furtado, artis jeung panyanyi Kanada
  • 1981Britney Spears, panyanyi Amérika
  • 1983 – Daniela Ruah, artis Amérika/Portugis
  • 1983 – Jana Kramer, artis Amérika
  • 1991Charlie Puth, musisi Amérika

Nu pupus

  • 1980 – Chaudhry Muhammad Ali, PM Pakistan kaopat (l. 1905)
  • 1964 - R. Soeprapto, Jaksa Agung IV Républik Indonésia (l. 1896)

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar