1783 – Karajaan Inggris néken artikel awal perdaméyan jeung Perancis, nyieun babak anyar pikeun paréngséan rasmi pacéngkadan dina Perang Révolusioner Amérika dina taun hareupna.
1788 – Kapal katilu, minangka kapal utama tina Armada Munggaran nepi ka Basisir Botany. Arthur Phillip mutuskeun yén Darmaga Jackson leuwih cocog pikeun padumukan hiji koloni.
1887 – Sénat AS ngidinan Angkatan Laut pikeun ngontrak Pearl Harbor minangka markas.
1929 – Filem panjang munggaran nu gambarna dicokot di saulareun studio, In Old Arizona, dipedalkeun.
1945 – Perang Dunia II: Pamaréntahan interim Béla Miklos di Hongaria paheut kana hiji perdaméyan jeung Sakutu.
1949 – Program Opat Poin hiji program bantuan ékonomi pikeun nagara miskin dibéwarakeun ku Présidén AS Harry S. Truman dina pidato pangistrénan dirina.
1972 – Pakistan ngagelar program sanjata nuklirna, sababaraha minggu sabada kasoran dina Perang Pangbébasan Bangladesh ogé Perang India Pakistan Pakistan 1971.
1992 – Air Inter Pangapungan 148, pasawat Airbus A320-111, murag di hiji gunung deukeut Strasbourg, Perancis, nelasan 87 tina 96 jalma sajeroeunna.
2001 – Présidén Philipina Joseph Estrada disingkirkeun dina hiji révolusi tanpa kaheurasan salila opat poé, sarta digantikeun ku Gloria Macapagal-Arroyo.
2009 – Barack Obama diistrénan minangka présidén AS ka-44, mangrupa urang Amérika Afrika munggaran nu jadi présidén AS.
2017 – Donald Trump diistrénan jadi présidén AS ka-45, minangka présidén pangkolotna nu kungsi nyepeng jabatan.
2018 – Sakelompok 5-6 urang panémbak nyerang Hotél Inter-Kontinental di Kabul, Afghanistan, ngabekeskeun patempuran 12 jam. Pamustunganna nelasan 40 jalma sarta nyideraan sababaraha urang séjénna, para panyerangna paéh kabéh.