Biotin

Biotin
Umum
Rumus kimia C10H16N2O3S
Beurat molekul 244.31 g/mol
Ngaran lian
  • Vitamin B7
  • Vitamin H
Pasipatan vitamin
Kaleyuran Cai
RDA (lalaki sawawa) 30 µg/poé
RDA (wanoja sawawa) 30 µg/poé
Wates luhur RDA (lalaki sawawa) Euweuh
Wates luhur RDA (wanoja sawawa) Euweuh
Gejala kakurangan
  • Kulit garing, hurik
  • Fatigue
  • Kurang napsu dahar
  • Nausea jeung vomiting
  • Mental depression
  • Inflamasi létah
  • Koléstérol luhur
Gejala kaleuwihan
  • Euweuh
Sumber utama

Biotin, ogé katelah vitamin H atawa B7 jeung C10H16N2O3S (Biotin; Koénzim R, Biopeiderm), mangrupa vitamin B-kompléks leyur-cai nu diwangun ku hiji cingcin uréido (tétrahidroimidizalon) nu ngahiji jeung cingcin tétrahidrotiopén.

Biokimia

Biotin téh hiji kofaktor nu pancénna dina transfer karbon dioksida di sababaraha énzim karboksilase:

  • Karboksilase asétil-KoA
  • Karboksilase métilkrotonil-KoA
  • Karboksilase propionil-KoA
  • Karboksilase piruvat

Napelna biotin kana rupa-rupa protéin, disebutna biotinilasi, mangrupa prosés penting dina transkripsi jeung réplikasi DNA.

Biotin ngabeungkeut protéin tétramér stréptavidin, kalawan konstanta disosiasi Kd dina orde 10−14 mol/L. Watek ieu mindeng dipaké dina rupa-rupa larapan biotéhnologi.

Rujukan

Baca ogé

  • Biotinilasi

Tumbu kaluar