13 Juli

1
2 3 4 5 6 7 8
9 10 11 12 13 14 15
16 17 18 19 20 21 22
23 24 25 26 27 28 29
30 31  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

13 Juli nyaéta poé ka-194 dina sataun (ka-195 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 171 poé.

Kajadian

  • 1793 - Jean-Paul Marat, salah saurang pamingpin Révolusi Perancis, dimaténi.
  • 1835 – Panemun Swédia-Amérika, John Ericsson ngajukeun patén pikeun rancangan kipas pandonrong.
  • 1908 - Pikeun kala munggaran awéwé milu dina Olimpiadeu modérn.
  • 1923 – Tanda Hollywood disérénkeun di pasir saluhureun Hollywood, Los Angeles. Asalna tuliisanna "Hollywoodland" tapi opat hurup pamungkas marurag nalika rénovasi di taun 1949.
  • 1930 - Bubukaan Piala Dunya FIFA 1930, dilaksanakeun di Stadion Pocitos, Montevideo, Uruguay.
  • 1943 – Patempuran Prokhorovka lekasan, Rusia ngéléhkeun Jérman di Kursk, ampir kana 6.000 téng waja campuh dina ieu perang.
  • 1949 - Révolusi Nasional Indonésia: Kabinét Hatta ngesahkeun Pajangjian Roem-Roijen, Sjafruddin Prawiranegara nu ngajabat présidén Pamaréntahan Darurat Républik Indonésia (PDRI) kalayan resmi mungkasan ayana PDRI, sarta masrahkeun deui mandatna ka Soekarno.
  • 1985 – Konsér "Live Aid" lumangsung di Stadion Wembley, London sarta di Stadion John F. Kennedy (Philadelphia), ngumpulkeun dana leuwih ti $70 juta dolar pikeun nulungan nu kalaparan di Afrika.
  • 1995 - Pajalanan Karéta api Argo Lawu tujuan Jakarta Gambir - Solo Balapan diresmikeun.
  • 1996 - Pasawat DC-10 Garuda Indonésia murag leupas landas ti Bandara Fukuoka, Jepang, 3 urang palastra.

Nu babar

  • 100 SM – Julius Caesar, jéndral jeung nagarawan Romawi (td. 44 SM)
  • 1918 – Alberto Ascari, tukang balpa mobil Italia (td. 1955)
  • 1940 – Patrick Stewart, aktor Inggris
  • 1942Harrison Ford, aktor Amérika
  • 1944 – Erno Rubik, tukang ngarancang kaulinan ti Hongaria, nu nyiptakeun Kubus Rubik

Nu pupus

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar