Alkuna

Alkuna hartina hidrokarbon nu mibanda paling saeutik hiji beungkeut rangkep tilu antara atom-atom karbonna. Sacara tradisional alkuna dipikawanoh salaku asetilén, najan ngaran asetilén ogé dipaké pikeun nujul sacara husus ka anggota nu pangbasajanna, nyaéta étuna.

Pasipatan fisik

Béda ti alkana, alkuna teu stabil jeung réaktif pisan. Watek ieu nu jadi sabab leuwih panasna seuneu asetilén nu sok dipaké matri.

Conto

Alkuna pangbasajanna nyaéta étuna (asetilén):

asetilén

Réaksi

  • Réaksi Diels-Alder
    • Réaksi Diels-Alder Piron → spésiés aromatik
  • Réaksi alkuna-azida → Triazol
  • énédiuna (alkuna - alkéna - alkuna) → aromatik (siklisasi Bergman)

Alkuna terminal

  • alkuna terminal + basa kuat → anion alkuna terminal
    • anion alkuna terminal + métil atawa alkil halida primér → beungkeut karbon-karbon anyar
    • anion alkuna terminal + keton → sanyawa adisi karbonil tétrahédral (alkoksida)
      • alkoksida + cai asam → hidroksialkuna
  • alkuna terminal + dialkilboran + hidrogén peroksida → aldehida