Buku
Buku nyaéta keretas bodas anu eusina sababaraha puluh atau ratus lambar, dihijikeunna ku cara dikaput atawa dielém jadi hiji, luarna dijilid.[1] Wanda buku téh aya buku catetan, buku tulisan, buku dagang, buku gambar, buku dongeng, buku élmu, jeung réa-réa deui.[1]
Sajarah buku
Buku–buku jaman ayeuna sabenerna mah euweuh dina saméméh jaman pertengahan.[2] Hal anu pangdeukeutna jeung buku-buku téh nyaéta ayana lontar.[2] Kira-kira pertengahan abad ka-5, perkamen sarta vellum geus ngaganti lontar.[2] Perkamen dijieun tina kulit lembu atawa embé, sarta vellum dijieun tina kulit anak sapi.[2] Lambaran-lambaran ieu bahan, bisa ditulis dina hiji sisina, dipotong jeung ukuran anu sarua sarta dijilid dina hiji sisi ku penjepit kulit.[2] Jadi, éta lambaran-lambaran bisa disebut “buku”.[2]
Dina jaman pertengahan, buku-buku nu mimiti dicitak téh buku-buku citak dina ieu mangsa.[2] Opat potong vellum ditilep, ku kituna, unggal potongan vellum tétah miboga dua bilah.[2] Ieu potongan-potongan saterusna disusun diumpak-umpak, ku kituna, aya sajumplukan vellum anu diwangun tinadalapan bilah kalawan dingaranan "hiji bagian".[2] Ieu bagian-bagian dikirimkeun ka ahli keur ditulis jadi buku.[2] Manéhna misahkeun sarta nulis hiji halaman dina hiji waktu.[2] Vellum téh rada kandel, ku kituna bisa ditulis dina dua sisina.[2]
Léngkah saterusna nyaéta ngirimkeun pibukueun ka tukang ngajilid buku.[2] Tukang ngaput buku ngaput bagian-bagian ngaliwatan lipetan bagian tukang ku tali.[2] Sampul-sampul tina kai ogé dijieun sarta panungtunganana mah dibeungkeut ku tali ngaliwatan liang-liang di jero papan-papan.[2] Saterusna kulit nu badag di tapelkeun dina bagian tukang jeung sisi-sisi kaina.[2] Léngkah-léngkah séjénna mah ngahias sarta ngawetkeun buku-buku, tapi ieu léngkah téh mangrupa cara nyieun buku-buku jaman ayeuna.[2]
Rujukan
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |