Perserikatan Bangsa-Bangsa
Pasarikatan Bangsa-Bangsa United Nations الأمم المتحدة 联合国 Organisation des Nations unies Организация Объединённых Наций Organización de las Naciones Unidas |
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
|
||||||
![]() Peta nu némbongkeun daptar anggota Pasarikatan Bangsa-Bangsa
Peta ieu teu ngawakilan sawangan PBB atawa anggota-anggotana ngeunaan status hukum hiji nagara ogé teu ngagambarkeun sacara akurat pamaréntahan anu boga wawakil di PBB. |
||||||
Markas Gedé | Wewengkon International di Kota New York | |||||
Bahasa resmi | Arab, Inggris, Tionghoa, Perancis, Rusia, Spanyol. | |||||
Kaanggotaan | 193 anggota | |||||
Pupuhu | ||||||
- | Sékrétaris Jénderal | ![]() |
||||
- | Députi Sékrétaris Jénderal | ![]() |
||||
- | Présidén Majelis Umum | ![]() |
||||
- | Présidén Déwan Keamanan | ![]() |
||||
Ngadeg | ||||||
- | Penandatanganan Piagam PBB | 26 Juni 1945 | ||||
- | Penerapan Piagam | 24 Oktober 1945 | ||||
Ramatloka UN.org |
Pasarikatan Bangsa-Bangsa atawa disingget PBB (basa Inggris: United Nations atawa PBB) nyaéta organisasi tingkat internasional anu anggotana ampir sakabéh nagara di sakuliah dunya.[1] Organisasi ieu dijieun pikeun méré fasilitas dina hukum internasional, kaamanan internasional, kamekaran ékonomi, payung sosial, hak asasi jeung katingtriman dunya.[1]
Pasarikatan Bangsa-bangsa diadegkeun di San Fransisco tanggal 24 Oktober 1945 sanggeus Konferénsi Dumbarton Oaks di Washington DC nepi ka Juni 2006 geus 192 disebutkeun resmi asup ka organisasi ieu.[1]
Organ utama PBB
Organ utama PBB nyaéta:
- Sidang Umum,
- Déwan Kaamanan,
- Déwan Ékonomi jeung Sosial,
- Sékrétariat,
- Pengadilan Kaadilan Internasional.[2]
Sékrétaris Jenderal
Pasarikatan Bangsa-bangsa dipupuhuan ku saurang Sékrétaris Jénderal (Sékjén).[1] Sékrétaris Jénderal ayeuna nyaéta António Guterres (Portugal), mimiti ngajabat tanggal 1 Januari 2017 nepi ka ayeuna. Riwayat Sékretaris Jénderal baris ditataan sakumaha di handap ieu:[1]
No | Ngaran | Periode Jabatan | Asal Nagara |
---|---|---|---|
– | Gladwyn Jebb | Panjabat: 24 Oktober 1945 – 2 Fébruari 1946 |
![]() |
1 | Trygve Lie | 2 Fébruari 1946 – 10 Novémber 1952 | ![]() |
2 | Dag Hammarskjöld | 10 April 1953 – 18 Séptémber 1961 | ![]() |
3 | U Thant | 30 Nopémber 1961 – 31 Désémber 1971 | ![]() |
4 | Kurt Waldheim | 1 Januari 1972 – 31 Désémber 1981 | ![]() |
5 | Javier Pérez de Cuéllar | 1 Januari 1982 – 31 Désémber 1991 | ![]() |
6 | Boutros Boutros-Ghali | 1 Januari 1991 – 31 Désémber 1996 | ![]() |
7 | Kofi Annan | 1 Januari 1997 – 31 Désémber 2006 | ![]() |
8 | Ban Ki-moon | 1 Januari 2007 – 31 Désémber 2016 | ![]() |
Déwan Kaamanan
Déwan Kaamanan boga tugas pikeun ngajaga katingtriman sarta kaamanan antar nagara.[1] Déwan Kaamanan boga kakuatan pikeun nyieun kaputusan anu ngabeungkeut yén pamaréntah nagara anggota geus sepakat pikeung ngalaksanakeun, numutkeun katangtuan Piagem Pasa 25.[1] Kaputusan Déwan dipikawanoh ku Résolusi Déwan Kaamanan PBB.[1]
Panglawungan munggaran Déwan Kaamanan PBB nyaéta di Church House, London 17 Januari 1946 jeung mutuskeun yén anggota tetap Déwan Kaamanan nyaéta; Tiongkok, Perancis, Rusia, Inggris jeung Amerika.[1] Ditambah anggota teu tetap ayeuna nyaéta Bosnia jeung Herzegovina, Brasil, Kolombia, Gabon, Jepang, Jerman,India, Lebanon, Nigeria, Portugal, sarta Afrika Selatan.[1] Lima anggota tetap boga hak resolusi substantif tapi teu prosedural anu disebut hak Véto.[1] Lima anggota éta diijinan pikeun boga sanjata nuklir di handap Perjanjian Non-Poliferasi Nuklir.[1] Sedengkeun sapuluh kursi Déwan Kaamanan teu tetap bakal diganti dua taun sakali dipilih ku Majelis Umum sacara régional sarta Présidén Déwan Kaamanan diganti saluyu jeung abjad unggal bulana.[1]
Lembaga PBB
Iwal ti fungsi utama PBB, unggal organ utama PBB boga hak pikeun nyieun lembaga husus di handapeuna. Sababaraha nu kacatet baris ditataan dina tabél ieu di handap:[3]
No. | Akronim | Bendera | Lembaga | Pusat | Kepala | Berdiri |
---|---|---|---|---|---|---|
1 | FAO | ![]() |
Organisasi Pangan dan Pertanian | ![]() |
![]() |
1945 |
2 | IAéa | ![]() |
Badan Tenaga Atom Internasional | ![]() |
![]() |
1957 |
3 | ICAO | ![]() |
Organisasi Penerbangan Sipil Internasional | Montreal, Kanada | Raymond Benjamin | 1947 |
4 | IFAD | Dana Internasional untuk Pengembangan Pertanian | ![]() |
![]() |
1977 | |
5 | ILO | ![]() |
Organisasi Buruh Internasional | Jenewa, Swiss | Guy Ryder | 1946 (1919) |
6 | IMO | ![]() |
Organisasi Maritim Internasional | London, Britania Raya | ![]() |
1948 |
7 | IMF | Dana Moneter Internasional | Washington, D.C., AS | ![]() |
1945 (1944) | |
8 | ITU | Uni Telekomunikasi Internasional | Jenewa, Swiss | Hamadoun Touré | 1947 (1865) | |
9 | UNESCO | ![]() |
Organisasi Pendidikan, Keilmuan, dan Kebudayaan PBB | ![]() |
![]() |
1946 |
10 | UNIDO | Organisasi Pangembangan Industri Pasarikatan Bangsa-Bangsa | ![]() |
![]() |
1967 | |
11 | UNWTO | Organisasi Pariwisata Dunia | ![]() |
![]() |
1974 | |
12 | UPU | ![]() |
Kesatuan Pos Sedunia | Bern, Swiss | ![]() |
1947 (1874) |
13 | WB | ![]() |
Bank Dunia | Washington, D.C., AS | Jim Yong Kim | 1945 (1944) |
14 | WFP | Program Pangan Dunia | ![]() |
Ertharin Cousin | 1963 | |
15 | WHO | ![]() |
Organisasi Kesehatan Dunia | Jenewa, Swiss | ![]() |
1948 |
16 | WIPO | Organisasi Hak atas Kekayaan Intelektual Dunia | Jenewa, Swiss | ![]() |
1974 | |
17 | WMO | ![]() |
Organisasi Meteorologi Dunia | Jenewa, Swiss | ![]() |
1950 (1873) |